08 Januari 2018

Chuan Jr. (Part II)

Assalamualaikum Wr.Wb.
         Kembali lagi dengan saya si ganteng kalem tea. Kumaha daramang wargi-wargi sadaya?? Syukur pami sarehat mah.. Sareng mudah-mudahan we urang sadaya na aya dina kasalametan sareng kenging kabarokahan ti Gusti nu maha suci, amin.
        Ayeuna abdi bade ngadongeng na nganggo bahasa qolbu.. :)
Abi tiasa kieu teh pedah we aya waktu senggang dina sela-sela rutinitas sok nyempetkeun keketikan sakainget dina hp.. sugan we atuh jadi caritakeuneun keur engke ka anak incu..
         Ngalanjutkeun carita anu atos-atos, aya nu teu acan di dongengkeun.. nyaeta dongeng abi kawin, bulan madu nepi ka abdi boga budak.
Abdi nikah tanggal 3 Desember 2007, bobogohan ka sababaraha istri ari di kawin na mah ngan kur sa urang.. Nepangkeun nami istri abdi ANI SURYANI, masih sa kabupaten tapi beda kacamatan hungkul, kadang sok aneh ka pamajikan mah, ari pas taun baru sok manyun ari ningali batur mah pan sok ceria.. manyun we ieu mah, ciri khas na di bawa ka pasar terus pangmeulikeun baju anyar.. naha da teu kudu manyun padahal mah, tinggal ngaharewos bari nangkeup ge pasti dipangmeulikeun (mun aya duitna eta ge)
       
Ti saprak tas nikah sempet sataun mah miluan program pamarentah heula.. nya di KB inti na mah.. nyaaa lila-lila mah kabita oge ku batur, alhamdulillah Gusti Alloh nu maha suci masihan murangkalih pameget, jalu. Di lahirkeun di Puskesmas Ciawi peuting jam 9, ti mimiti mules nepi ka gurung gusuh balik ti panyabaan, eh ternyata, padahal posisi di imah bidan, eta da teu jadi, mules na leungit cenah.. kapaksa atuh balik deui ka imah. Ah tidinya mah abdi teh nyaba we deui, ngan nitip we ka sepuh na teh, teu kungsi lila abdi aya di panyabaan teh dibejaan deui cenah mules, serius ieu mah teu bohong cenah, ah sok we sing lungsur langsar na we ceuk abdi teh.. jam demi jam, detik demi detik berlalu acan aya wae reaksi, beuki geumpeur nu aya we, dugi ka di infus sagala beuki ngahariwangkeun wae, ah kapaksa we izin deui ka dunungan teh acan nepi ka borojol na mah moal waka asup gawe, nepi ka tasik langsung ka puskesmas ciawi da di bawa na kadinya, lumayan rumit proses na soalna si utun na motah wae jd sigana mah murilit kabeulit ku ari-ari na, ngadoa sabisa-bisa.. nepi ka sagala kahayang na di cumponan, dipencetan, di usapan nepi ka kudu di rangsang cenah ceuk si bidan teh, kumaha deui era-era ge maksakeun we demi kasalametan pamajikan jeung budak mah.. :)
Naaa teu kungsi lila borojol teh, jalu kaluar na teh.. geuwat ku si ibu bidan di proses nepi ka di beresihan nana, nya geus beres mah asup deui ka ruangan bersalin da teu kuat murel ningali getih.. geuwat di adanan di qomatan.. cape hate ku si utun pertama eta mah, ngageumpeurkeun wae nu jadi bapa :)
Nya mudah-mudahan we putra abi ieu sing janten murangkalih nu soleh, nurut kanu janten ibu rama na, taat kana agama islam. Pokona mah sing mulusrahayu berkah salamet ceuk ema amih tea mah.. :)
Tos sakitu heula, cape ngetik cape mikir jeung cape hate we.., di sambung deui tas solat isya nyah.. dadaaaah...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar